- SAJARAH UNDAK USUK BASA SUNDA
Nurutkeun sawatara para ahli, asupna undak usuk basa kana Sunda téh ti
mimiti abad ka – 17, dina mangsa sabagian tatar Sunda kaeréh ku Mataram.
Utamana di wewengkon Priangan Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang,
jeung Cianjur.
- WANGENAN UNDAK USUK BASA SUNDA
Undak usuk basa Sunda nya éta panta-pantana basa, dipakéna diluyukeun
jeung kaayaan umur, kalungguhan, sarta situasi nu nyarita jeung nu diajak katut
nu dicaritakeunana.
- WANGUN UNDAK USUK BASA SUNDA
Undak usuk basa Sunda téh umumna diwangun ku genep tahap, nya éta Basa
kasar, Basa sedeng, Basa lemes pisan, Basa kasar pisan, jeung Basa
panengahan.
a. Basa Kasar
Basa kasar disebut ogé basa loma. Digunakeun ka sasama, ka babaturan nu
geus loma. Salian ti éta (bareto mah) sok dipaké ogé pikeun nyarita ka jalma nu
sahandapeun kalungguhanana, pangkatna, umurna: atawa pikeun nyaritakeun jalma
nu sahandapeun upama nu dicaritakeunana téh sahandapeun nu diajak nyaritana.
b. Basa Sedeng
Basa sedeng sok disebut ogé basa lemes keur sorangan, nya éta basa anu
dilarapkeun keur ka diri sorangan upama nyarita ku basa lemes, atawa pikeun nyaritakeun
sasama ka saluhureun.
Salian ti éta, basa sedeng ogé sok dipaké nyarita jeung jalma
nu can wanoh atawa loma lamun nu ngajak nyaritana ngagunakeun basa lemes.
c. Basa Lemes
Basa lemes sok biasa disebut oge basa lemes keur ka batur. Dilarapkeun pikeun
nyarita ka nu saluhureun boh pangkatna, boh kalungguhanana, boh umurna. Basa
lemes ogé dipaké ka jalma nu can wanoh atawa loma.
d. Basa Lemes
Pisan
Dipaké pikeun ngahurmat jeung ngajénan ka jalma anu pangkat jeung
kalungguhanana dipandang luhur pisan atawa tingkat pangagung.
e. Basa Kasar
Pisan
Basa kasar pisan sok disebut ogé basa cohag. Sok dipaké ku nu keur ambek
atawa nu paséa, pikeun maksud ngahina atawa ngécé. Tapi umumna mah basa kasar
pisan téh sok dilarapkeun ka sato. Sabab upama dilarapkeun ka jalma bakal
karasa pisan kasarna jeung garihalna.
f.
Basa Panengah
Basa panengah dipaké pikeun nyarita ka jalma nu sahandapeun pangkat jeung kalungguhanana, tapi umurna mah
saluhureun. Dipaké ogé pikeun nyaritakeun nu lian upama nu diajak nyaritana téh
nagunakeun basa lemes, tur nu dicaritakeunana sahandapeun pangkat jeung
kalungguhanana, tapi saluhureun umurna upamadibandingkeun jeung nu nyarita
katut nu diajak nyaritana.
Ieu basa panngah téh kalungguhanana aya di sahandapeun basa
lemes tapi saluhureun basa kasar.
- WANDA UNDAK USUK BASA SUNDA
Upama nilik kana basa kasar, basa sedeng jeung basa lemesna, undak usuk
basa Sunda téh bisa dipasing-pasing jadi tilu wanda.
1. Undak usuk
basa Sunda wanda kahiji
Undak usuk
basa Sunda (UUBS) wanda kahiji nya éta UUBS anu basa kasar, basa sedeng, jeung
basa lemesna teu sarua.
Conto:
Balik
(BK) – Wangsul (BS) – Mulih (BL) – Mantog (BPK) – Mulang (BP)
a. “Mun maranéh rék
balik ayeuna, bareng wé, da kuring gé rék balik ayeuna,” ceuk Dudung ka
babaturanana.
b. “Abdi mah badé
ayeuna wangsul téh, Sanggemna mah Titi ogé badé wangsul ayeuna,” ceuk Dini ka Bu Ratna.
c. “Mulih ti
mana Ibu?” Pa Rijal nanya ka Bu Ratna.
“Wangsul
ti ITC ,” tembal Bu Ratna.
d. “Lain
geura mantog sakieu geus burit,
geura ngaji ka dituh!”
Nining
ambek ka adina nu keur ulin.
e. “Ari Emang rek
iraha mulang téh?” ceuk Pa Kapala Sakola ka Mang Endin, penjaga sakola
nu umurna saluhureun.
2. Undak usuk
basa Sunda wanda kadua
UUBS
wanda kadua nya éta UUBS nu basa kasarna béda, tapi basa sedeng jeung basa
lemesna sarua.
Conto:
Halangan
(BK) – Pambengan (BS) – Pambengan (BL)
a.
“Mun taya halangan, engké soré kuring rék ka
imah manéhna,” ceuk Wildan ka Angga.
b.
“Upami teu aya pambengan, engké sontén
abdi badé ka bumi Bapa, ceuk Ilham ka Pa Asep.
c.
“Upami teu aya pambengan, saurna engké sontén
Pa Kapala Sakola badé ka bumi Pa Maman,” ceuk Pa Rijal ka Bu Ratna.
3. Undak usuk
basa Sunda wanda katilu
Undak usuk
basa Sunda wanda katilu nya éta UUBS nu
basa kasar jeung basa sedengna sarua, tapi basa lemesna béda.
Aya sawatara
kecap anu hubunganana jeung pancakaki, saperti kecap adi, alo, anak, lanceuk,
jeung aki; sok ngagunakeun kecap pun upama dirobah jadi basa sedeng; jadi pun
adi, pun alo, pun anak, pun lanceuk, jeung pun aki. Maksudna adi abdi, alo
abdi, anak abdi,jst. Ari pikeun basa lemesna, sok dipaké kecap tuang; jadi
tuang rai, tuang putra, tuang rai, tuang putra, tuang raka, jst. Maksudna rai
anjeun (Bapak/Ibu/Saderek), putra anjeun, raka anjeun, jst
Conto:
Adi
(BK) – Adi (BS) – Rai ( BL)
a. “Adi
kuring mah ayeuna téh kelas lima, sarua jeung adina Rina,” ceuk Dudi ka Dadan, “Ari
adi manéh kelas sabaraha, Dan?”
b. “Pun adi ayeuna
téh kelas lima sami sareng adina Rina, “ceuk Dudi ka Pa Asép.
c. “Dupi tuang
rai kelas sabaraha ayeuna téh?” ceuk Pa Rijal ka Bu Ratna.
KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.الالله صلى الله عليه وسلموعليكوتهله صلى الل
BalasHapusKAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.الالله صلى الله عليه وسلموعليكوتهله صلى الل
KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.الالله صلى الله عليه وسلموعليكوتهله صلى الل